Kamis, 14 September 2023

SISINDIRAN "TALAGA KANYAAH"

 TALAGA KANYAAH


Atin Sumartini, S.Pd


1.Ka dieu ka Tarikolot

Ka Jemah geuning kapegat

Sakieu umur geus kolot

Kanyaah indung teu pegat


2. Caah téh ti lebah girang

Pasti eukeur ngaguguntur

Nyaahna kolot ka urang

Pasti mo bisa kaukur


3. Manuk galatik jeung pitik

Di susukan mani leuya

Ti leutik  urang  diatik

Sangkan hirupna waluya


4. Teu aya keur meuli témpé

Sok komo keurmeuli béha

Teu aya rasa kacapé

Sok komo bari subaha


5. Basa eukeur ngaguguntur

Hujan téh mani tohaga

Jasa anjeun moal luntur

Sanajan nepi ka jaga


6. Nyalindung ka Indramayu

Jananna téh mani ngebat

Indung téh tunggul rahayu

Bapa mah tangkal darajat


7. Nginjeun jolang ti tatangga

Tapi aya nu paranti

Bajoang jiwa jeung raga

Nepi ka narohkeun pati


8. Manggung téh rék ka Nyalindung

Ngahaja jeung néang kupa

Munjung téh kudu ka indung

Muja mah kudu ka bapa


9. Panyukur téh meunang nginjeum

Ti warga nu sabeulahna

Ukur do'a kanggo anjeun

Sawarga bagéannana


10. Kajeun rék meuli japati

Warna anu pangbodasna

Anjeun pahlawan sajati

Nu satia salawasna

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

“Spensa Sakola Jawara, Sang Juara!”

SMP Negeri 1 Sumedang kembali menunjukkan konsistensinya sebagai sekolah berprestasi. Setiap hari Senin, jargon “Spensa Sakola Jawara, Sang ...

Postingan Populer